Kumpulan Pupujian Atau Nadoman Dalam Bahasa Sunda Lengkap
Pupujian Do'a Nabi Adam
Robbana ya robbana
Dolamna anfusana
Wailam tagfirlana
Watarhamna lanakulana minal khosirin
Duh gusti pangeran abdi
Abdi dolim kana diri
Pami gusti teu ngahapunteun
Tangtos abdi
Janteun jalmi anu rugi
PUPUJIAN ELING-ELING DULUR KABEH
Eling-eling dulur kabeh
ibadah ulah campoléh
beurang peting ulah weléh
bisina kaburu paéh
Sabab urang bakal mati
nyawa dipundut ku Gusti
najan raja nyakrawati
teu bisa nyingkiran pati
Karasana keur sakarat
nyerina kaliwat-liwat
kana ibadah diliwat
tara ngalakukeun solat
Kaduhung liwat kalangkung
tara nyembah ka Yang Agung
sakarat nyeri kalangkung
jasadna teu beunang embung
HAYU GEURA SARADIA
Meungpeung keur hirup di dunya
Amal keur sampeureun tea
Di ahir moal sulaya
Geuning maot ngadodoho
Boro sok dipoho-poho
Datangna teu mere nyaho
Ngageretek taya tempo
Taya beurang taya peuting
Taya raja taya kuring
Di mana ajal geus sumping
Teu meunang embung anaking
Horeng nyawa eujeung badan
Nu geus lila babarengan
Datang mangsa dipisahan
Paturay tineung pamitan
Lai meuran lain sugan
Da ieu mah kanyataan
Kabeh pasti ngarandapan
Geuning awak urang pisan
Kaget reuwas mata mencrong
Renghap ranjug munggah bengong
Napas ngangseg na genggerong
Nu deukeut geus teu katembong
Horeng ieu teh sakarat
Dicabut ku malaikat
Nyawa ngangseg mapay urat
Teu aya daya keur lumpat
Ku renghap nu panganggeusan
Pegat sakabeh harepan
Nabengkang taya dayaan
Rek kumaha pangharepan
Boro mah keur suka bungah
Ngatur napsu seuri bungah
Beak tempo kudu pindah
Nyampeurkeun ka alam barjah
Geus waktu ninggalkeun lembur
Menuju ke alam kubur
Meunang ngali geus diukur
Mahi keur awak sakujur
Rek naon anu di bawa
Duit atawa sawah lega
Menang ngumpul-ngumpul tea
Belaan nipu pasea
Beunang tisusuk tidungdung
Nu sok dipake adigung
Kana salat matak liwung
Waktuna jakat mah embung
Ibadah kateler-teler
Nepi ka nyanghulu ngaler
Lapur badan enggas komper
Di tengah imah ngagoler
Ngajolopong diruruban
Diriung ditarungguan
Geumpeur pacampur jeung reuwas
Setan mah bati mupuas
Harta anu ngunung-ngunung
Pakean duit satungtung
Ngan masih boeh asiwung
Ditambah kai keur padung
Lawang amal geus ditutup
Hanjakal keur waktu hirup
Talangke bet hanteu sanggup
Padahal waktu mah cukup
Paingan rosul ngelingan
Dunya mah pangumbaraan
Naha bet kamalinaan
Tonggoy hanteu nyubadanan
Ati ngerik pikir liwung
Imah tiiseun jeung suwung
Ngan anak yatim buruan
Tinggarisik ting rariung
Abong poe panganggeusan
Mana beurat rek amitan
Keun imah keun pakarangan
Geuwat keun logak ngantosan
Pasaran mendung dipayung
Ti luhur dirurub sarung
Nu ngiringna semu nguyung
Nangkeup dada tingkuyungkung
Ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut
Beuki deukeut beuki deukeut
Beuki deukeut beuki deukeut
Kana logak ruper heureut
Duh geuning enggeus nyangkorah
Rup ku padung rap ku lemah
Poek rupek jeung tugenah
Ngarumas cukireuh susah
Ahli sobat kawawuhan
Teu tolih gancang bubaran
Duh saha nu rek maturan
Geusan cicing babarengan
Mana sobat mana dulur
Geuning buriak salembur
Hanteu maturan di kubur
Sumawon nambahan umur
Oge harta banda kuring
Nu dipuhit buerang peuting
Cik mana anu rek ngaping
Geuning geus kieu mah kuring
Hanjakal aduh hanjalak
Teu getol sadia amal
Padahal geuning padahal
Ngan amal nu jadi bekel
Naon keur panyinglar sedih
Nahan ku cimata getih
Tawa bangkieung jungkelih
Harta mah geuning teu nolih
Enggeus montong rek sasambat
Teu guna enggeus kaliwat
Bongan bareto teu toat
Teu kurang nu nganasehat
Tong hantem hahanjakalan
Pan teu kurang nu ngelingan
Pek runggu jawab sorangan
Geura jawab pariksana
Paremutan parantosan
Mangga geura aremutan
Sugan manawi jeung sugan
Ngajadi kamaslahatan
Ku maca ieu pepeling
Muga sing jadi panggeuing
Da Gusti anu ngajaring
Siang jeung wengi diaping
PUPUJIAN GUSTI URANG SADAYAN
Gusti urang sadayana
Kangjeng Nabi anu mulya
Muhammad jenenganana
Arab Qurés nya bangsana
Ibuna Siti Aminah
ramana Sayid Abdullah
dibabarkeuna di Mekah
wengi Senén dinten Gajah
Rabi’ul Awal sasihna
tanggal kaduabelasna
April bulan Maséhina
tanggal kaduapuluhna
Ari bilangan tauna
lima ratus cariosna
tujuh puluh panambihna
sareng sahiji punjulna
Siti Aminah misaur
waktos babarna kacatur
ningal cahya mani ngempur
di bumina hurung mancur
Babar taya kokotoran
orok lir kénging nyepitan
soca lir kénging nyipatan
sarta harum seuseungitan
Keur opat taun yuswana
diberesihan manahna
Nabi dibeulah dadana
Malaikat nu meulahna
Jibril kadua réncangna
Mikail jenenganana
ngeusikeun kana manahna
élmu hikmat sapinuhna
Tuluy dada Kangjeng Nabi
gancang dirapetkeun deui
sarta teu ngaraos nyeri
dilap ku hotaman nabi
Nuju tanggal tujuh likur
bulan Rajab nu kacatur
nurut kaol anu mashur
Kangjeng Nabi téh disaur
Dipapag ku Malaikat
nyandak burok nu kasebat
leumpangna téh cara kilat
tungganganeun Nabi angkat
Ti Mekah ka Bétal Makdis
teu nganggo lami antawis
ku jalma henteu katawis
kersana Gusti nu wacis
Ti Bétal Makdis terasna
naék na tangga kancana
mi’raj téa kasebatna
ka langit Nabi sumpingna
Tujuh langit sadayana
jeung Arasy nu pangluhurna
disumpingan sadayana
katut surga narakana
Kangjeng Nabi ditimbalan
ku Gusti nu sifat Rahman
anjeuna kudu netepan
salat muji ka Pangéran
Kabéh jalma anu iman
sami pada kawajiban
salat nu lima giliran
henteu meunang dikurangan
Salat éta minangkana
dina agama tihangna
jalma nu luput salatna
nyata rubuh agamana.
PUPUJIAN LAM YAH TALIM
Hiji katangtuan nabi Tara ngimpen naon2
Kaduana kanjeung nabi Tara angob Salamina
Tilu Sato Tara lumpat pendak sareng kanjeung nabi
Opat laler Tara enteup Kana salira jengnabi
Lima ningali pungkureun sami sareng kapayun
Genep Tya tilasana cikahampangan amjeuna
Tujuh manah na teu kulem Soca namh sok ngantuk
Dalapan t kalangkangan ku cahaya serangenge
Salapanpun dakna nabi ngungkulan kaum caralik
Sapuluh di lahirkeuna bersih lir kenging nyepitan
Katangtuan nu 10 kudu apal masing puguh lamun apal
Nu sapuluh salamet Tina pakewuh hiji moal kahuruan
Dua moal ka palingan tilu moal ka kenaan ku ccoba ti pangeran
Kumpulan Pupujian Atau Nadoman Dalam Bahasa Sunda Lengkap
Kumpulan Pupujian Atau Nadoman Dalam Bahasa Sunda Lengkap
Kumpulan Pupujian Atau Nadoman Dalam Bahasa Sunda Lengkap
Pupujian Sunda sedih bikin nangis
Pupujian Sunda sedih bikin nangis
Pupujian Sunda sedih bikin nangis Ki
Pupujian samemeh sholat berjamaah
Pupujian samemeh sholat berjamaah
Pupujian samemeh sholat berjamaah
Kumpulan Pupujian Atau Nadoman Dalam Bahasa Sunda Lengkap
Kumpulan Pupujian Atau Nadoman Dalam Bahasa Sunda Lengkap
Kumpulan Pupujian Atau Nadoman Dalam Bahasa Sunda Lengkap
Kumpulan Pupujian Atau Nadoman Dalam Bahasa Sunda Lengkap
Kumpulan Pupujian Atau Nadoman Dalam Bahasa Sunda Lengkap
Pupujian Sunda sedih bikin nangis
Pupujian Sunda sedih bikin nangis
Pupujian Sunda sedih bikin nangis
Pupujian samemeh sholat berjamaah
Pupujian samemeh sholat berjamaah
Pupujian samemeh sholat berjamaah

Comments
Post a Comment